Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label sunda. Tampilkan semua postingan

Kamis, 24 Mei 2012

Pantun Jahe


Oleh: Nurlela VIII A

Akar jangkung jahe koneng
Lampuyang pamura beteung
Ngarasa’an jangkung koneng
Puguhna mah heret hideng

Salawe dua puluh lima
Salikur dua puluh hiji
Awewe jaman ayena
Di calukur kawas lalaki

Beuki waluh beuki waluh
Akhir na melak di tongoh

Pantun Nyindir


Oleh: Ina Nuriah Asamaul Pauzi VIII – A

Lain cai lain walungan
Tapi kitri nu ngajajar
Lain ki’ai lain ajengan
Tapi santri nu di ajar 

Mawa kitab di kekelek
Ngocek aci gegerohan
Ulah tolab dinu poek
Te kaci  da bobogohan

Pepeling


Oleh: Erniawati VIII-A

Lamun boga pangkat luhur
Entong sok poho kadulur
Jeng baraya kudu akur
Boga rizki delek ngaur 

                                Ulah rasa maneh nyingkur
                                Ku setan gampang ka gusur
                                Hirup sing bisa diatur
                                Sing eling bakal dikubur

Amarah ulah diabur
Sarakah kudu dilebur

Pantun Deudeuh


Oleh: Eli Sumyati VIII A

Gatot kaca putra na bima
Jaka tawang ngaran lanceukna
Anu maca saha namina
Kasawang endah rupina

                                Jauh-jauh nyiar awi
                                Nyiar-nyiar pimerangen
                                Jauh-jauh nyusul abdi
                                Nyiar-nyiar pimelangen



Pantun Bogoh

Oleh : Nurul Azizah Nasution - VIII A


Mun hayang nonggoh mah jadi                    
Sih hapunten nanjak hela
Mun akang bogoh ka abdi
Cing janten sarjana hela 

                                Daun cangkang papisahna
                                Masing Jauh rek di ala
                                Mun akang atos sarjana
                                Masing kersa damel hela

Pitutur

NN, ditulis ulang oleh: Wina Sapitri VIII A

Nyanggakeun ieu pitutur
Lain indung loba catur
Kanya'ah mah teu kaukur
Sanajan ngan ukur saur
Malah urang kudu sukur
Sabar tawekal tapakur
Pan hirup aya nu ngatur
Gusti nu maha luhur


Selasa, 22 Mei 2012

Pantun Sunda

oleh:Risna Herdiani

Manuk entep dina pager
na sukuna aya bola
mun hayang jadi pinter
kudu getol sakola

melak jaer dina kesik
dituruban daun kalapa
ulah beuger ti leuleutik
ngahesekeun indung bapa